B. Daerah

Pertanyaan

samemeh ngadongeng urang kudu maham kalan jalan caritana naon sababna

1 Jawaban

  • Samemeh ngadongeng urang kudu maham kana jalan caritana

    Jawaban

    Pendahuluan

    Ngadongeng tangtu beda jeung maca dongeng. Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Anu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun anu kaasup kana prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Pembahasan

    Samemeh ngadongeng urang kudu maham kana jalan caritana, sabab ngadongeng beda jeung maca dongeng. Dina maca dongeng urang henteu perlu maham kana jalan carita dongeng, sabab anu perlu dilakukeun ngan saukur maca eusi carita dongeng.

    Sedengkeun dina ngadongeng urang kudu maham kana jalan caritana, sabab lamun geus maham kana jalan carita dongeng hal anu kudu diperhatikeun dina ngadongeng nyaeta urang kudu nangtukeun pilihan kekecapan anu merenah, nangtukeun bentesna sora atawa lafal, nangtukeun luhur handapna sora sarta ngalakukeun penjiwaan anu meranah.

    Lamun dina ngadongeng urang henteu maham kana jalan caritana, tangtu urang moal bisa nangtukeun kekecapan anu meranah, urang moal bisa nangtukeun kumaha bentesna sora atawa lafal, urang moal bisa nangtukeun luhur handapna sora, sarta tangtu urang boro-boro bisa ngalakukeun penjiwaan anu merenah, carita dongengna wae henteu paham.

    Kesimpulan

    Dina ngadongeng, paham kana jalan carita dongeng mangrupakeun sarat anu mutlak. Beda jeung maca dongeng, sabab dina maca dongeng mah sanajan urang henteu paham kana jalan carita dongeng, urang masih tetep bisa maca dongeng. Sedengkeun dina ngadongeng, umpama urang henteu paham kana caritana, tangtu ngadongengna moal lancar atawa moal jalan.

    Pelajari lebih lanjut

    1. Bedana ngadongeng jeung maca dongeng https://brainly.co.id/tugas/9226187

    2. Ngadongeng https://brainly.co.id/tugas/9317612

    3. Jenis-jenis dongeng dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/1338080

    Meta Data Jawaban

    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng

    Kelas : VII (1 SMP)

    Kata Kunci : Ngadongeng, maca dongeng

Pertanyaan Lainnya