analisis babad sukamulya kuningan
B. Indonesia
kokolo1
Pertanyaan
analisis babad sukamulya kuningan
1 Jawaban
-
1. Jawaban rakharya2005p0pxdj
Babad Sukamulya-Kuningan
Sateuacana taun 1740, aya hiji lembur katelah Cantilan, kalebet wilayah pamaréntahan dayeuh Cigadung. Cantilan ngagaduhan kahoyong ngatur pamaréntahan sorangan. Alesanana élmu-élmu anu dipiboga ku tokoh-tokoh masarakat di dayeuh Cigadung sarua jeung anu dipiboga ku urang Cantilan.
Dina hiji waktu aya kajadian:
Di dayeuh Cigadung aya acara hajatan, di antarana tokoh eta ngundang ka tokoh-tokoh Cantilan. Kusabab datangna telat dahareun anu dihidangkeun kanggo para tamu ti Cantilan robah wujudna janten sadaya aratah deui, ku tina saktina tokoh dayeuh Cigadung. Bakakak hayam jago robah jadi hirup deui nepi bisa kongkorongok deui, komo deui dahareun anu sejena tina sayuran jadi aratah deui.
Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung, tokoh ti Cantilan ngahadiranana teh mawa lisung ahéng anu teu asup akal. Kaahéngan éta lisung téh bisa leumpang sorangan diiringkeun ku tokoh-tokoh nu badé ngahadiran hajatan, éta lisung teh haluna diaradu nepikeun ka patingburicak ngaluarkeun seuneu. Atuh di pasamoan téh mani ribut tingkocéak sarieuneun kahuruan.
Tah kitu geuning kasaktén karuhun baheula mah meni arahéng.
Sabalikna ti éta, basa di Cantilan aya hajatan, tokoh anu ti dayeuh diondang ogé. Béwara ondangan nepi ka 3 kali tacan datang kénéh baé. Kusabab urang Cantilan keuheuleun nu diondang teu datang baé, urang Cantilan teh ngutus deui salah saurang tokoh, kakara maranéhna daratang.
Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat Cantilan hayang némbongkeun élmu anu dipibogana. Waktos tamu masih di perjalanan kénéh, pribumi meuncit munding. Waktos para ondangan daratang munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang caralik heula di balandongan. Nembé ogé para tamu caralik dadak sakala éta munding téh hirup deui, terus ngubrak-ngabrik tamu anu nuju caralik. Geus pasti nimbulkeun kaributan jeung papaséaan. Nu ngabalukarkeun éta kampung jadi panas. Ti harita kampung éta katelah jadi kampung Cipanas.
Dina tahun 1980 Cipanas digentos namina janten “Sukamulya”.